Sony Xperia T3 - Status jeung bewara

background image

Status jeung bewara

Ikon dina bar status masihan terang ka anjeun ngeunaan kajadian kawas talatah anyar

jeung bewara almenak, kagiatan nu lumangsung kawas undeuran payil, jeung inpormasi

status kawas tingkat batre jeung kakuatan sinyal. Anjeun tiasa nyered bar status ka

handap pikeun muka panel Bewara tur meunangkeun inpo nu langkung seueur.

21

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Muka atawa nutup panel Bewara

Nyandak tindakan ihwal bewara

Ketok bewara.

Miceun bewara ti panel Bewara

Simpen ramo di bewara terus toel ka kenca atawa katuhu.

Mupus sadaya bewara ti panel Bewara

Ketok

Pupus.

Lampu bewara

Lampu bewara ngabejaan Anjeun ngenaan status batre jeung kajadian sejenna.

Contona, lampu bodas nu kedip-kedip hartina aya talatah anyar atawa telepon lasut.