Sony Xperia T3 - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Langlangan setelan modeu nyandak gambar

Otomatis superior

Optimalkeun setelan sangkan cocog ka pamandangan naon wae.

Manual

Atur setelan kamera sacara manual.

Epek AR

Candak poto ku pamandangan jeung karakter virtual.

Epek kreatip

Terapkeun epek ka poto atawa video.

Timeshift burst

Teang poto nu panghadena di antara urutan gambar.

Social live

Siarkeun video langsung ka Facebook™.

Panorama Sapu

Pake setelan ieu pikeun nyandak poto panorama nu juruna lega. Pencet we kenop kamera tur

pindahkeun kamera sing ajeg ti hiji sisi ka sisi nu sejen.

Toel ulang potret

Moto make gaya potret nu-ayeuna.

Superior auto

Modeu superior auto mariksa kaayaan pas Anjeun moto jeung otomatis ngatur setelan

jang mastikeun poto Anjeun alus.

Modeu manual

Pake modeu Manual upami Anjeun hoyong ngatur setelan kamera sacara manual jang

nyandak poto atawa video.

78

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Epek AR

Anjeun tiasa nambahkeun epek AR (augmented reality) ka poto Anjeun tur nyieun poto

jadi leuwih rame. Setelan ieu ngidinan Anjeun ngagabungkeun pamandangan 3D ka poto

Anjeun basa Anjeun nyandak eta poto. Anjeun ngan milih pamandangan nu

dipikahoyong tur ngaluyukeun posisinan di jandela tempo heula.

Epek Kreatip

Anjeun bisa nerapkeun epek nu beda-beda kana poto atawa video Anjeun. Contona,

Anjeun bisa nambahkeun epek Nostalgia supaya poto jadi jiga heubeul atawa epek

Sketsa supaya gambarna jadi leuwih alus.

Timeshift burst

Kamera nyokot urutan 31 poto dina mangsa dua detik – sadetik saacan jeung

saenggeus Anjeun mencet kenop kamera. Jadi Anjeun bisa nempoan deui tur neangan

gambar nu pang alusna.

Pikeun make Timeshift burst

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Pikeun nyandak poto, pencet kenop kamera sajero-jerona teras leupaskeun. Poto

nu dicandak bakal nembongan di panempoan gambar leutik.

4

Gulung dina gambar leutik tur pilih poto nu Anjeun hoyong simpen, teras ketok .

Social live

Social live nyaeta modeu pamakean kamera nu ngidinan Anjeun nyetrim video langsung

ka kaca Facebook™ Anjeun. Anjeun ngan kudu gaduh sambungan Internet aktip tur

asup ka Facebook™. Durasi video tiasa nepi ka 10 menit.

Pikeun nyiarkeun video langsung nganggo Social live

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Asup ka akun Facebook™ Anjeun.

4

Ketok pikeun ngamimiti siaran.

5

Pikeun nyandak poto salami siaran, ketok .

6

Pikeun ngeureunkeun siaran, ketok .

Ngedit potret

Pake pitur ieu jang ngagunakeun epek kana poto nu ku Anjeun eukeur dipoto jadi Anjeun

yakin hasilna bakal alus.

Make Pitur ngedit potret

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras ketok .

3

Ketok jeung pilih gaya potret nu ku Anjeung hoyong dipakekeun kana poto.

4

Jang mupus gaya potret nu geus dipake, ketok raray subjek di layar kamera.

5

Jang ngabandingkeun gaya potret nu dipake jeung potret aslina, rampa terus

tahan layar kamera.

6

Pikeun nyandak poto, pencet kenop kamera sajero-jerona terus lepaskeun.

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Ngan ngajalankeun

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera mun layar dikonci ku cara mencet jeung nahan

kenop kamera.

Jalankeun tur potret

79

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung motret otomatis mun layar dikonci ku cara

mencet jeung nahan kenop kamera.

Jalankeun sareng rekam video

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung mulai nyokot video mun layar dikonci ku cara

mencet jeung nahan kenop kamera.

Pareum

Geotag

Tag poto sareng wincik tempat anjeun nyandak poto eta.

Nyandak gambar ku noel

Nangtukeun area pokus, terus toel layar kamera make ramo Anjeun. Poto dicandak

langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun.

Sora jepret

Pilih pikeun ngahurungkeun atawa mareumankeun sora jepret.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Imbangan bodas

Pungsi ieu ngaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi cahya Ikon setelan

imbangan bodas sadia dina layar kamera.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.