Sony Xperia T3 - Ngaduplikasi layar alat anjeun kana TV teu nganggo kabel

background image

Ngaduplikasi layar alat anjeun kana TV teu nganggo kabel

Anjeun tiasa nganggo pitur Duplikasi layar jang nembongkeun layar alat Ajeun di TV

atawa pintoan lega sejenna tanpa make sambungan kabel. Teknologi Wi-Fi Direct™

ngadamel sambungan nirkabel antara dua alat, jadi Anjeun bisa diuk jeung nempo poto

paporit Anjeun tina tempat diuk Anjeun nu empuk. Anjeun tiasa oge make fitur ieu pikeun

ngadengekeun musik ti alat Anjeun liwat speaker TV.

TV Anjeun kudu ngadukung duplikasi layar dumasar ka Wi-Fi nu boga SERTIPIKASI Miracast™

supaya pungsi nu dijelaskeun di luhur bisa jalan. Upami TV Anjeun teu ngarojong duplikasi

layar, Anjeun bisa wae kudu meuli adapator layar nirkabel sacara papisah.

Basa make duplikasi layar, kualitas gambar kadang-kadang tiasa kapangaruhan negatip upami

aya gangguan ti jaringan Wi-Fi® sejen.

Ngaduplikasi layar alat anjeun di layar TV

1

TV: Turutan pitunjuk di buku Pituduh TV anjeun pikeun ngaktipkeun pungsi

duplikasi layar.

2

Alat: Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Konektipitas Xperia™ > Duplikasi layar.

4

Ketok

Aktipkeun duplikasi Layar jeung pilih alat nu ku Anjeun hoyong diduplikasi

eusina.

Waktu make duplikasi layar, ulah tutupan anteneu WLAN Wi-Fi di wewengkon alat anjeun.

TV Anjeun kudu ngadukung duplikasi layar dumasar ka Wi-Fi nu boga SERTIPIKASI Miracast™

supaya pungsi nu dijelaskeun di luhur bisa jalan.