Inpormasi hukum
Sony D5102/D5103/D5106
Buku pituduh ieu dipedalkeun ku Sony Mobile Communications AB atawa perusahaan filial lokalna, tanpa aya
haransi. Perbaikan jeung perobahan ka Buku pituduh ieu diperlukeun kusabab kasalahan panulisan, inpo pang
anyarna nu teu akurat, atawa perbaikan program jeung/atawa peralatan, tiasa dijieun ku Sony Mobile
Communications AB sawaktu-waktu jeung tanpa bewara heula. Perobahan sapertos nu kitu, kumaha oge, bakal
dilebetkeun kana edisi anyar Buku pituduh ieu. Sagala ilustrasi ngan saukur kanggo maksud ilustrasi jeung teu pasti
peresis ngagambarkeun alat nu sabenerna.
Sadaya produk sareng nami perusahaan nu disebutkeun di dieu mangrupakeun merek dagang atawa merek
dagang kadaptar ti nu bogana. Sadaya merek dagang nu sejenna mangrupakeun hak milik masing-masing nu
gaduhna. Sadaya hak nu teu teges dinyatakeun di dieu tos ditangtayungan. Buka
www.sonymobile.com/us/legal/
kanggo inpo nu lain.
Buku pituduh ieu bakal nuduhkeun ladenan atanapi aplikasi nu disayagikeun ku pihak katilu. Nganggo program
atanapi ladenan eta bakal meryogikeun pendaptaran anu misah ka panyadia pihak katilu tur bakal matuh ka sarat
pamakean tambahan. Kanggo aplikasi nu diakses dina atawa melalui situs web pihak-katilu, mangga tinjau heula
sababaraha sarat pamakean jeung kabijakan privasi nu manglaku tina situs web eta. Sony teu mere haransi
kasadiaan atawa kamampuan ti situs web pihak-katilu eta atawa ladenan nu ditawarkeunnana.
Alat seluler Anjeun gaduh kamampuan pikeun ngundeur, nyimpen sareng neraskeun eusi tambihan, contona,
rington. Nganggo eusi nu sapertos kitu bisa jadi diwatesan atanapi dicaram ku hak-hak pihak katilu, kaasup tapi
teu diwatesan ka watesan nu diatur ku hukum hak cipta nu lumaku. Anjeun, sanes Sony, nu bakal sapinuhnya
nanggung jawab kana eusi tambahan nu diundeur atanapi diteraskeun tina alat seluler Anjeun. Sateuacan make
eusi tambahan nu mana wae, pariksa yen Anjeun tos gaduh lisensi atawa pangidinan pikeun nganggo eta eusi.
Sony henteu ngajamin akurasi, integritas atawa kualitas eusi tambahan atawa eusi tina pihak katilu sejenna. Teu
aya kaayaan nu mana oge Sony bakal nanggungjawaban ka sagala cara pamakean nu teu bener tina eusi
tambahan atawa eusi ti pihak katilu.
Buka
www.sonymobile.com kanggo inpo nu lain.
Produk ieu ditangtayungan ku hak cipta intelektual Microsoft nu tangtu. Pamakean atawa distribusi teknologi di luar
ieu produk dilarang upami teu aya lisensi ti Microsoft.
Pamilik eusi nganggo teknologi pangaturan hak digital Windows Media (WMDRM) kanggo nangtayungan hak milik
intelektualna, kaasup hak cipta. Alat ieu make software WMDRM kanggo ngakses ka eusi nu ditangtayungan ku
WMDRM. Upami softwarre WMDRM gagal ngajagi eusi, nu boga eusi bisa menta Microsoft pikeun nyabut
kamampuan software pikeun make WMDRM kanggo muter atanapi nyalin eusi nu dijagi. Panyabutan moal
mangaruhan eusi nu teu dijagi. Waktos Anjeun ngundeur lisensi kanggo eusi nu ditangtayungan, Anjeun satuju yen
Microsoft tiasa ngalebetkeun daptar panyabutan dina lisensina. Pamilik eusi bakal ngawajibkeun Anjeun pikeun
ngamutahirkeun WMDRM kanggo ngakses eusi Anjeunna. Upami Anjeun nampik apgred, Anjeun moal bisa
ngakses eusi nu meryogikeun apgred.
Produk ieu dilisensikeun dina lisensi portofolio visual MPEG-4 sareng paten AVC pikeun pamakean pribadi sareng
non-komersil konsumen kanggo (i) nyandiaksarakeun (encoding) video supados matuh ka standar visual MPEG-4
("MPEG-4 video") atanapi standar AVC ("AVC video") sareng/atawa (ii) ngawasandikeun (decoding) video MPEG- 4
atanapi AVC anu disandiaksarakeun ku konsumen nu dina aktipitas pribadi sareng non-komersil sareng/atawa anu
dicandak ti panyadia video anu dilisensikeun ku MPEG LA kanggo nyadiakeun MPEG-4 sareng/atawa AVC video.
Lisensi anu dipasihkeun teu lumaku pikeun pamakean nu sanes. Inpormasi tambihan kaasup nu patali jeung
kagiatan promosi, internal sareng pamakean komersil sareng ngalisensian tiasa dimeunangkeun ti MPEG LA, L.L.C.
Tingal
www.mpegla.com. Teknologi ngawasandikeun (decoding) audio MPEG Layer-3 dilisensikeun ti Fraunhofer
IIS and Thomson.
SONY MOBILE MOAL NANGGUNGJAWABAN KANA LEUNGITNA, PUPUSNA SARENG/ATAWA KATIMPANA
DATA KANGGO DATA ATAWA PAYIL PRIBADI NU DISIMPEN DINA TELEPON ANJEUN (KAASUP TAPI TEU
DIWATES KA KONTAK, LAGU MUSIK JEUNG GAMBAR) NU DISABABKEUN KU APDET ALAT NU DILAKUKEUN
MAKE CARA NU DISEBUTKEUN DI BUKU PITUDUH ATAWA DOKUMENTASI IEU. DINA KAAYAAN NAON WAR,
SONY MOBILE ATANAPI PAMASOKNA MOAL TANGGUNG JAWAB TOTAL KA ANJEUN KANGGO SADAYA
KARUGIAN ATAWA KARUGIAN NAON WAE KUMARGI TINDAKAN (DINA KONTRAK ATANAPI KASALAHAN,
NANGING TEU KAWATES KA KALALAIAN ATANAPI NU SEJEN) NGALANGKUNGAN JUMLAH SABENERNA NU
DIBAYAR KU ANJEUN KANGGO ALAT ANJEUN.
© Sony Mobile Communications AB, 2014.
Sadaya hak ditangtayungan.
124
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.